Khutbah
Khutbah jumaah mangrupakeun
salahsahiji media anu strategis pikeun dakwah islam,sabab ieu khutbah
teh sipatna tetep (maneuh) jeung wajib di datangan ku kaom muslimin
sacara babarengan.
Lamun di tilik tina babagianana,khutbah teh di bagi tilu bagian nyaeta :
1.bubuka
2.eusi
3.panutup
Sababaraha perkara anu kudu dijadikeun cekelan dina ngalaksanakeun hutbah jumaah nyaeta
1.hotib nepikeun hutbahna kudu bari nangtung
2.hotib di sunahkeun ngucapkeun salam samemeh ngamimitan hutbahna
3.hotib kudu nyumponan rukun-rukun jeung sarat-sarat hutbah.
4.hotib disunahkeun nepikeun hutbah dina mimbar
5.hotib disunahkeun nepikeun hutbah dina waktu anu singget
Biantara
Biantara teh nyaeta kagiatan cumaritadi hareupeun jalma loba pikeun
nepikeun pamanggih atawa mere gambaran ngeunaan hiji perkara.
Fungsi biantara di antarana sangkan komunikasi antara pamingpin jeung
bawahanana atawa komunikasi antara papada anggota masarakat/organisasi
jadi leuwih enteng.
Biasana biantara teh dipraktekkeun ku :
1.pamingpin organisasi ka anak buahna
2.pamingpin/pajabat negara
3.hiji jelema anu boga pangaruh di masarakatna
Semoga bermanfaat..
Terima kasih atas postingannya
BalasHapus